Jumat, 04 Juli 2008

Hiji mangsa aya nini sereng incuna nuju ngobrol di payuneun bumi. Incuna the ngarana si Komet.

Nini : “yeuh ari jadi budak the kudu bageur, soleh, berbakti ka kolot ameh tiasa ka sorga”
Komet : “ Ni, ari ciri-ciri maot teh kawas kumaha?”
Nini : “ ciri-cirina nu maot the bau…”
Komet : “oouh..”

Sanggeusna ngarobrol nini jeung komet ka leubeut bumi da tos weungi. Isukna tabuh 5-an, si komet the bade ngahudangkeun ninina kangge solat subuh. Pas ka kamarna, nini the hitut… ngarana hitut pasti bau, tuluy si komet inget kana omongan nini bahwa anu maot teh bau. Tuluy si komet te jejeritan ka luar kamar

Komet : “ nini maot.. nini maot… nini maot!!!nini maot!!!”
Tuluy diangkat weh nini the ku komet pas di angkat ninina jejeritan oge.
Nini : “ ieu nini… ieu nini… nini hirup keneh teu acan maot! Turunkeun nini! Turunkeun!!!
(Teras nini diturunkeun ku komet)
Komet : “ sugan the nini tos maot, da tadi nini teh bau.. pan saur nini nu maot mah bau..”
Nini : “ ari komet, tadi teh nini hitut jadi weh bau, ngarana hitu pasti bau met..”
Komet : “ punten atuh ni…”